Katingal lalumpatan. Mapag naon duka teuing.
Hirup pasuntrung-suntrung.
Ngudagan duit gudagan kahormatan.
Poho we ka hakekat nu dituju
Ngos-ngos, ting harenghos.
Capek meureun. Karep teuing.
Kesang Lesang Mencrang. Bau
Lain ku geuleuh tapi hewa.
Sabab napsu ni nyaliara.
Leuheung,
mangkatna doa heula
milari kasab nyumponan kawajiban
mapag sareat asalna mah ti gusti sadaya
nu napasna dikir jeung doa
jalma kitu
ati-ati dina laku
dina basa cacarita
dina hate seueur hade
hideung bodas alam dunya
sok bade milih nu mana
kade tong katipu ku mata
ku rasa jeung ku dunya
nyanggakeun
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Terimakasih atas komentar anda